||
Panineungan

Kalakay

Tina tangkal ngemploh hejo
Teu nyana nyiwit rurujit
Salambar daun lumengis
Ngalakay kasered angin
Teu tangtu mangsa keur nyampay

Sajeroning kumalayang
Atra ngalangkang laksa duduka
Teu lantip nyaring kapeurih
Ilang sabar nadah tugenah
Nyarungsum tatu salikur
Iwal hanjakal nyesa kamelang

Pucuk rungsing nganti panggih
Buah sumerah nyorangan
Akar kabawa tunggara
Sirung nguyung bangun alum

Hampura, geura rawatan
Na aya, na iraha
Nu nyampak seja narima

(EA 15 Maret 2003)

Diskusi

Belum ada komentar.

Tinggalkan komentar

RSS Pusat Matematika

  • Sebuah galat telah terjadi; umpan tersebut kemungkinan sedang anjlok. Coba lagi nanti.

RSS squareCircleZ

  • Sebuah galat telah terjadi; umpan tersebut kemungkinan sedang anjlok. Coba lagi nanti.

RSS BSNP

  • Sebuah galat telah terjadi; umpan tersebut kemungkinan sedang anjlok. Coba lagi nanti.

RSS Freeware

  • Sebuah galat telah terjadi; umpan tersebut kemungkinan sedang anjlok. Coba lagi nanti.